Antropologi
Antropologi asalna tina basa Yunani, nyaéta anthropos anu hartina 'manusa', jeung logos anu hartina 'élmu pangaweruh'. Jadi, antropologi téh nyaéta salah sahiji 'élmu pangaweruh' (sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa.[1] Objek anu nyampak dina antropologi téh nyaéta manusa anu geus jadi masarakat atawa sélér bangsa, kabudayaan katut paripolahna.[2] Budaya asalna tina basa sansakerta hasil ringkesan dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina tarékah, tanaga, karep, pikiran, jeung rasa jalma.[3] Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jalma guna nambahan kasugemaan jeung kanikmatan ku rupa rupa akal jalma.[3] Kabéh élmu sosial budaya pasti nalungtik kahirupan manusa.[1] Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum,sastra,sajarah,pulitik, komunikasi,ékonomi, arkéologi, jeung linguistik) boga puseur kajian séwang-séwangan.[1] Antropologi boga puseur kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat.[1] Hubungan antara manusa jeung lingkungan hirupna anu cukang lantaranana nyaéta kabudayaan.[4] Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara méré nahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, méré nahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna.[4] Nyatana loba kabudayaan anu aya kénéh malah nambahan mekar, éta téh nunuhkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu aya di hiji masarakat masih dipaké, kalungguhanana sarua jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana.[4]
Tokoh-Tokoh Antropologi
[édit | édit sumber]Antropologi nyaéta studi ngeunaan umat manusa, tarékah pikeun nyusun generalisasi nu mangpaat ngeunaan manusa jeung perilakuna sarta pikeun meunangkeun wangenan anu lengkep ngeunaan kahirupan manusa anu variatif.[5]
Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu medal tina rasa hayang nyaho anu tan wates wangen ngeunaan manusa.[5]
Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh manusa sacara umum atawa wangun fisik masarakat sarta kabudayaan anu dihasilkeunana.[5]
Rupa-Rupa Jinis Cabang Disiplin Élmu Anak Turunan Antropologi
[édit | édit sumber]Antropologi Pisik
[édit | édit sumber]- Paléoantrologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh asal-usul manusa jeung épolusi manusa ku cara nalungtik posil-posil anu kapanggih.[2]
- Somatologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh rupa-rupa sélér bangsa manusa ku cara ditalungtik ciri-ciri fisikna.[2]
Antropologi Budaya
[édit | édit sumber]- Préhistori nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh sajarah sumebar jeung mekarna budaya manusa anu geus wanoh kana
budaya tulis.[2]
- Étnolinguistik antrologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh sélér bangsa nu aya di sakuliah dunya.[2]
- Étnologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh asas kabudayaan manusa dina hirup kumbuh masarakat di sakuliah dunya.[2]
- Étnopsikologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh kapribadian bangsa sarta peranan individu keur nagara dina prosés parobahan adat jeung ajén universal anu nyoko kana konsép psikologi.[2]
Galeri
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d (id) Trisnu Brata, Nugroho.2007.Antropologi untuk SMA dan MA kelas XI.Jakarta:Esis hal.3
- ↑ a b c d e f g http://organisasi.org/definisi-pengertian-antropologi-objek-tujuan-dan-cabang-ilmu-antropologi Antropologi (Diakses ping 25 September 2011)
- ↑ a b Danadibrata, R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat hal.108
- ↑ a b c (id) Depdiknas,Direktorat Jendral Kabudayaan.2000.Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupatén Lebak Jawa Barat.Bandung:C.V Manfada Utama hal.1
- ↑ a b c (id) http://www.scribd.com/doc/23997160/ANTROPOLOGI Tokoh-tokoh Antropologi (diakses ping 11 Oktober 2011)